Testo Linglung - Pop Sunda - Yayan Janika
Testo della canzone Linglung - Pop Sunda (Yayan Janika), tratta dall'album Deungdeuleueun (POP SUNDA)
Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang-banting séokna cai
Di mana teuing nyangsangna
Leungiteun, kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah
Tuk-tek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti
Keueung, duh, keueung
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik?
Hirup ukur ngagulang-gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti, cimata sumerah diri
Cipruk ninyuh karumasaan
Abdi, Gusti, nyanggakeun sagalana
Ibarat kuring keur ngangkleung
Kabawa caah nu tarik
Dibuntang-banting séokna cai
Di mana teuing nyangsangna
Leungiteun, kuring leungiteun
Bingung rawéleun keur muntang
Rénghap napas pangwéla
Ngawagu ku laku lampah
Tuk-tek waktu ngalagu
Nguriling jeung pasti
Keueung, duh, keueung
Lamun nempo ka pagéto
Na mana pibekeleun balik?
Hirup ukur ngagulang-gapér dosa
Balabuh di sagara nista
Gusti, cimata sumerah diri
Cipruk ninyuh karumasaan
Abdi, Gusti, nyanggakeun sagalana
Credits
Writer(s): Yayan Jatnika
Lyrics powered by www.musixmatch.com
Link
Disclaimer:
i testi sono forniti da Musixmatch.
Per richieste di variazioni o rimozioni è possibile contattare
direttamente Musixmatch nel caso tu sia
un artista o
un publisher.